DetikForum

DetikForum (http://forum.detik.com/index.php)
-   Bandung (http://forum.detik.com/forumdisplay.php?f=10)
-   -   [Pernak Pernik Basa] Paribasa jeung Babasan (Teu kenging OOT!!) (http://forum.detik.com/showthread.php?t=11509)

koeya_bathox 2nd January 2008 10:02

[Pernak Pernik Basa] Paribasa jeung Babasan (Teu kenging OOT!!)
 
Para wargi sadaya, sapertos kauningan ku sadaya reh Basa Sunda teh leubeut tur beunghar sarta kumplit sagala aya.
Di dieu pribados nyobian medar salasahijina nyaeta paribasa sareng babasan.
Mangga anu uninga sababaraha paribasa atanapi babasan dipedar di dieu.
Disuhunkeun teu kenging seueur teuing OOTna, sakedik mah teu sawios etang-etang hiburan.

Conto paribasa :

1. Siga bueuk meunang mabuk, hartina : cicing, tungkul teu bisa nyarita ku sabab era atawa sieun.
2. Siga gaang katincak, hartina : sepi jempling euweuh sora.

Conto babasan :

1. Lemes dusun, hartina : basana mah lemes tapi salah ngalarapkeun.


Sakitu heula, mangga anu sanes diantos.

abantea 2nd January 2008 12:00

Jaman ta* kotok dilebuan = jaman baheula pisan Ind . Jaman dulu sekali

Ngabejaan bulu tuur = ngabejaan nu geus nyaho Ind. Memberi tahu orang yang sudah tahu.

Pancalongok = tukang maling Ind. Pencuri

Nyaliksik ka buuk leutik = menta ti rahayat leutik Ind. Meminta dari rakyat kecil, dilakukan oleh pejabat yang serakah.

Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean poko sarta kalah ngalakukeun pagawean nu taya hartina Ind . Meninggalkan pekerjaan utama, malah melakukan pekerjaan yang tak ada artinya.

Pinter kodek = licik, daek menta tapi embung mere Ind. Mau enaknya sendiri

spy_extrim 2nd January 2008 12:17

koreh-koreh cok= usaha beak sakalian ind= berusaha sekali habis
ngotok ngowok = didinya dinya keneh ind=diam di tempat
bengkok tikoro = datang ka pesta dahaheun lambat ind=telambat datang untuk makan

mangga ah dikantun heula :smoking:

see_hoonks 2nd January 2008 15:32

Asa Aing Uyah Kidul = Asa pang aing na (Sombong) Ind Merasa paling wah..........
Ngarau ku siku = sarakah (Serakah)

FIM 2nd January 2008 15:42

di colok mata buncelik = naon cik?:smoking:

asgartea 2nd January 2008 17:20

halah.... teu kenging OOT ieu teh (ceuk judul thread na :D)
teu jadi posting atuh ah..... :getok:

FIM 2nd January 2008 17:22

Quote:

Originally Posted by asgartea (Post 620460)
halah.... teu kenging OOT ieu teh (ceuk judul thread na :D)
teu jadi posting atuh ah..... :getok:

ih kitu ari nu serius ma mbung

tp urang ge sieun euy bisi OOT

geus abus ma kudu posting atuh!!

albutro 2nd January 2008 22:34

OOT ? naon nyak:getok:

silvernautillus 3rd January 2008 04:37

Quote:

Originally Posted by albutro (Post 624249)
OOT ? naon nyak:getok:

OOT mah tetangga sayah tuh... teh OOT :getok::getok:


*kaboorr.....

abantea 3rd January 2008 06:24

Quote:

Originally Posted by albutro (Post 624249)
OOT ? naon nyak:getok:

Bilih hidep teu acan terang..........OOT teh singgetan tina OUT OF TOPIC.........mun ceuk bahasa ngepop mah : " teu ngajalur............:lol:


All times are GMT +8. The time now is 17:05.


Powered by vBulletin
Copyright © 2000 - 2006, Jelsoft Enterprises Ltd.