Quote:
Originally Posted by koeya_bathox
Ieu mah dek curhat saeutik.
Asa anyar keneh bobogohan jeung manehna, memang acan aya rencana dek kawin.
Dua minggu katukang teu kungsi panggih kusabab sibuk loba gawean jeung ka luar kota ongkoh.
Dua minggu lilana teu meunang beja, teu meunang carita. Kukurilingan neangan tapak manehna, aya dimana, naha bet ngaleungit.
Meunang beja ti hiliwir angin yen si manehna teh keur di lembur, keur oleng panganten jeung lalaki anu karek wawuh dua minggu sallila ku kuring ditinggalkeun ....
Duh meni nyeri hate teh, leuwih nyeri ti batan nyeri huntu ....
Hatiku hancur mengenang dikau, berkeping-keping jadinya ....
|
Pantesan na Y/M na aya tulisan sayang kamu dimana
Yeuh curhat kuring:
Sayah harita sa teu acan nikah sareng pun Istri,aya carita na..
Saya gaduh Kabogoh,bobogohan langkung ti 5 tahun..nah pas kuring gawe di Bogor,anjeuna di Bdg biasa apel unggal minggu,,memang sayah harita can siap pisan sih Nikah,pokokna akhirna anjeuna nikah we jeung Batur,,bener jodoh mung gusti ALLOH nu ngatur teh..dugi ka ayena kadang popotongan sok telp keneh nanyakeun kabar,tp sayah tara nelp ka anjeuna,da tos gaduh istri nu langkung ti manehna...