Mun ningali barudak jaman kiwari, ditingali teh teu jauh ti Play Station (PS) jeung game komputer.
Sayah mah sok inget keur leutik baheula, asa loba kaulinan teh. Asa resep baheula mah, ulin teh di buruan (halaman) atawa di jalanan nu can diaspal (taneuh keneh).
Salah sahiji karesep sayah mah
ngadu kaleci alias main kelereng, nepi ka aya istilah
oles, dur jeung blep sagala. Ayeuna mah di lembur sayah geus tara ningali barudak nu maen kaleci, jalan-na ge geus diaspal, imah-2 tatangga geus dipager luhur
Cobi ari dulur-2 sadaya inget keneh teu kana kaulinan jaman baheula ?